Kuliah Kerjanyata Mahasiswa (KKM) ngarupakeun kagiatan rutin tiap taun dilaksanakeun di Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung. Nyakitu deui dina taun 2012,ti mimiti tanggal 24 Januari nepi 24 Februari ngalaksanakeun ieu kagiatan diiluan 2691 mahasiswa asalna ti Fakultas Syariah & Hukum,Ushuluddin,Adab & Humaniora,Dakwah & Komunikasi,Psikologi,Tarbiyah & Keguruan sarta Fakultas Sains & Teknologi. Sajumlah mahasiswa peserta KKM ieu teh lokasina di 6 kecamatan kabupaten Bandung ngawengku kecamatan Paseh,Ibun,Cilengkrang,Pangalengan,Ciwidey,Cimenyan sumebar di 36 desa jeung 4 kecamatan di Kabupaten Bandung Barat ngawengku kecamatan Lembang,Ngamprah,Parongpong,Cisarua sumebar di 30 desa nu dirojong ku 66 urang dosen pembingbing.
Numutkeun Ketua Panitia Penyelenggara KKM UIN SGD Bandung Drs.H.Chatib Saefullah M.Ag dijejeran Ketua Lembaga Pengabdian Masyarakat (LPM) UIN SGD Bandung Dr.H.Syukriyadi Sambas M.Si salaku penaggungjawab harian sarengsena ngajurung laku peserta KKM ku rektor UIN SGD Bandung Prof.Dr.H.Deddy Ismatullah,SH,M.Hum di kampus Jl.A.H.Nasution No.105 Bandung netelakeun ka Giwangkara sok sanajan kagiatan KKM tiap taun dilaksakeun,tangtuna kagiatanna henteu sarua boh lokasina salawasna pindah tempat nyakitu deui temana Memang kagiatan KKM ti taun ka taun beda,pikeun KKM ayeuna nyaeta KKM tematik nyaeta ku cara nyokot salah sahiji temana teh meunang milih ti Bapeda tina sajumlah 40 tema salaku program utama kagiatan,tema ieu asalna tina sagala masalah-masalah pangwangunan nu diinformasikeun ku forum gawe bareng KKM Perguruan Tinggi SaJabar dumasar SK Gubernur Jabar.
Sedengkeun Sukriyadi Sambas netelakun dina penyelengaran memang aya katerlibatan langsung koodinasi pemerintah daerah provinsi Jabar nyaeta ku ngadegna tim KKM Tematik Provinsi Jabar nu tema sentralna “ Jabar Maju Bersama Kampus “.Ari implentasina difokuskeun kana temana pikeun UIN SGD Bandung mah nyaeta “Peningkatan Kualitas Pendidikan Masyarakat” nu diturunkeun kana masing-masing widang kailmuan ka 7 Fakultas nu aya di UIN SGD Bandung..
Satuluyna mahasiswa engke fokus ngarumuskeun ilmuna di masarakat dina konteks minterkeun masarakat ,dina ngawangun SDM na sarta ngungkab permasalahan nu aya di masarakat nu engke permasalahan ieu teh dikorfirmasi ka Bapeda Kab Bandung jeung kabupaten Bandung Barat oge langsung ti lokasi hasil studi awal,survey pembimbing dosen lapangan nu tuluy dirumuskeun sacara babarengan Jeroning kitu rektor UIN SGD Bandung Deddy Ismatullah netelakeun yen KKM ngarupakeun implementasi tina Tri Dharma Perguruan Tinggi nyaeta pengabdian ka masarakat ,pendidikan,penelitian.Kukituna diharepkeun engke mahasiswa di lapangan bisa ngarealisasikeun salaku agen parobahan jadi motivator pangwangunan di masarakat ku cara mere conto nu positif .






