Kepala Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ) Universitas Terbuka (UT)Bandung Dra.Dina Thaib,M.Ed ngistrenan sacara resmi 1782 mahasiswa anyar non Pendas (Pendidikan dasar) UPBJJ UT Bandung miluan Orientasi Studi Mahasiswa Baru (OSMB) masa registrasi 2011,2 ku cara makekeun jaket almamater sacara simbolis sakalian masrahkeun Kartu Tanda Mahasiswa (KTM) jeung bukti registrasi 2011.2 ka dua perwakilan mahasiswa putra jeung putri.
Kagiatanna lumangsung di buruan kantor UPBJJ-UT Bandung Jl.Panyileukan Raya No.I A Soekarno-Hatta Bandung nu dina ieu kasempetan diluuhan Ketua ieu kagiatan Dra.Raja Rosnenty,M.Pd,Koordinator BBLA (Bantuan Belajar & Layanan Bahan Ajar) Drs.H.Maman Sudirman,,S.Pd ,M.Pd , Kepala Bagian TU Dra.Hj.Erus Rusnaningsih,para pengurus Kelompok Belajar Mahasiswa (KBM), Rengrengan Staff UPBJJ Bandung sarta Drs.Uus Yusmantara ,S.Pd,M.Pd Staf UPBJJ UT Bandung salaku narasumber ngadugikeun pembekalan materi perkuliahan “ Strategi Belajar CERDAS Pada Perguruan Tinggi Jarak Jauh”.
Numutkeun Raja Rosnety netelakeun ka Giwangkara sarengsena ieu kagiatan,tina sajumlah mahasiswa ieu teh masing-masing aya 898 urang asalna ti Fakultas Ekonomi (FEKON) nyaeta 125 urang ti Program Studi Manajemen jeung 51urang Akutansi , 622 urang ti Fakultas Ilmu & Sosial Politik (FISIP) Program Studi (S1) Administrasi Niaga 5,Adminitrasi Negara 16,Ilmu Pemerintahan 20,Ilmu Komunikasi 40,Sosiologi Perekonoiman & Masalah Sosial 13,Sastra Inggris bidang minat 39, Perpustakaan D.II 486 urang asalna ti Kabupaten Sumedang,Kota Cimahi,Kota Bandung,Kabupaten Purwakarta,Subang,Kabupaten Bekasi sarta saurang ti Kerasipan D.IV, 2 urang Perpajakan D.III
Sarta 18 urang ti Fakultas Matematika & Ilmu Pengetahuan Alam (FMIPA) Program Studi (S1) Matematika 6 urang,Statistika 3,Biologi 2, saurang masing-masing ti Ilmu Teknologi Pangan,Agribisnis Bidang Minat Penyuluhan Pertanian, peternakan, 3 urang ti program Agribisnis Bidang Penyuluhan Perikanan sarta saurang ti Perencanaan Wilayah & Kota..Nyakitu deui 82 urang asalna ti Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan (FKIP) asalna ti Program Studi (S1) Pendidikan Bahasa & Sastra Indonesia 15 urang,Bahasa Inggris 19,Matematika 14,Fisika 6,Biologi 7,Kimia 5,Pancasila & Kewarganegaraan 7,Ekonomi & Koperasi 9 miluan OSMB nu dilaksanakeun poe Minggu 11 September 2011 sarta nu 884 urang deui mah ti FISIP Program Studi DII Perpustakaan ngawengku asalna 709 urang ti kabupaten Bandung jeung 175 urang ti kabupaten Bandung Barat miluan poe Senen 12 September 2011.
Numutkeun Raja Rosnety tujuan diayakeun ieu kagiatan nu nyokot tema “ Melalui belajar mandiri,menuju penegakkan empat pilar kebangsaan,yakni; Pacasila,UUD 1945,NKRI dan Bhineka Tunggal Ika” nepikeun sababaraha materi boh Sosialisasi Akademik ngeunaan Karakteristik Program Studi/Fakultas (FISIF,FEKON,FMIPA jeung FKIP), Demo & Praktek Sistem Ujian Online (SUO) Progra,TutoriaL Online ku Koordinator Registrasi & Pengujian sarta demo e-bookstore ku Koordinator BBLBA jeung nu aya pakuat pakait jeung UT nu kiwari mibanda 37 UPBJJ sumebar di Indonesia.
Sarta fungsi,peran,visi.misi UPBJJ UT Bandung diharepkeun para mahasiswa anyar ieu teh paham kana fungsi jeung peran UPBJJ salaku perpanjangan tangan UT Pusat dina mere pelayanan ka mahasiswa UT nyakitu deui sangkan leuwih mikawanoh kana sistem sarta prosedur pembelajaran mimiti ti registrasi nepi ka engke rengse studi sarta paham kana kedudukan jeung peran Kelompok Belajar Mahasiswa (KBM) nu aya di UPBJJ –UT Bandung sarta ngamangfaatkeun fsilitas pembelajaran multi media nu disadiakeun ku UT “ Ku ieu kagiatan OSMB diharepkeun oge diantara mahasiswa bisa ngajalin hubungan sasama mahasiswa, pembingbing akademik nu harmonis dina tarekah pikeun ngaronjatkeun hasil belajar”.pokna.(Suherman.S)/bejatikoran.Com.






