
Dina nyanghareupan saingan global Pergurun Tinggi ulah ngan saukur cukup sugema mere fasilitas jeung palayanan ka mahasiswana wungkul tapi disagedengeun eta kudu boga kaunggulan ngalaksanakeun sistem penjaminan mutu sangkan bisa saingan,salah sahijina nyaeta proses kagiatan belajar mengajarna nu mibanda kualitas. Dimensi mutu kagiatan belajar jeung mengajar nu mibanda kualitas bisa ditempo diantarana wae tina katerlibatan dosen jeung kurikulumna. Ku ayana mutu kagiatan belajar mengajar model kieu teh diharepkeun lain wae para mahasiswana ngarasa sugema ,tapi orang tua,dunia kerja.pemerintah,dosen,tenaga penunjang sarta pihak sejenna nu mibanda kapentingan.
Kitu ditembrakkeun promovendus Dr.Enas,SE,MM dina disertasi judulna “Pengaruh Penerapan Penjaminan Mutu Terhadap Daya Saing Dan Keunggulan Bersaing Pendidikan “ (Studi Pada Perguruan Tinggi Swasta di Bandung) nu ditepikeun dina sidang ujian pikeun ngaraih meunang gelar Doktor dina widang Manajemen pendidikan Program Studi Manajemen Pendidikan Program Pasca Sarjana (PPS) Universitas Islam Nusantara ( Uninus) lumangsung poe Rebo 30 November 2011 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung.
“Alhamdulillah dina sidang ujian nu dpromotoran ku Prof.DR.H.Sutaryat Trisnamansyah ,MA,Ko Promotor Prof.DR.H.Dedi Mulyasana,M.Pd,anggota Promotor DR.Yosal Iriantara,M.Md sarta diluuhan Direktur Program Pasca Sarja Sarjana (PPS) Uninus Prof.Dr.H.Achmad Sanusi,SH.MPA simkuring aya dina kalancaran dinyatakeun lulus meunang Yudicium Memusakan Indek Prestasi Kumulatif (IPK) na 3,50 “.ceuk Enas nu kiwari nyangking kalungguhan salaku dosen sarta salaku Ketua Program Manajemen Program Pasca Sarjana (PPs) Universitas Galuh (UNIGAL) Ciamis Periode 2008-2012 sarta di jabatan akademik salaku Lektor Kepala ti mimiti taun 2005 widang kajian Seminar Manajemen Keuangan jeung Ekonomi Moneter sarta geus Tersertifikasi dosen dina taun 2009 netelakeun ka Koran Giwangkara sarengsena sidang nu harita dibarengan garwana Neni Nuaraeni katut tilu putrana nyaeta Muzakkie Robbanie,Reva Muzia Humaidah jeung Revi Pasha Abdilah.
Numutkeun Enas saupama ngalarapkeun penjaminan mutu bisa dilaksanakeun sacara hade diharepkeun mutu lulusannana oge bakal milu hade,kulantaran mutu lulusanna bakal babari kaserap ku pasar kerja nu tangtuna ieu PTS teh bakal payu loba dijarugjug ku para calon mahasiswana.Kusabab kitu dina ngaronjatkeun mutu ieu teh kacida penting pisan ngarupakeun hiji-hijina jalan nu kudu diusahakeun ku para pengelola jeung penyelenggara perguruan tinggi swasta jeung sakabeh komponen lembaga pendidikanna, “ Ngan nu manghajakalkeun teh dumasar tina hasil panalungtikan simkuring geuningan nu ayeuna nu keur meujeuhna harengheng saingan beuki ketak ieu teh nu ngarupakeun masalah nu perlu sabenerna meunang perhatian daria teh masih hare-hare dimomorekeun kurang disadari ku sabagian dosen perguruan tinggi. Kukituna hal ieu teh kudu jadi bahan perhatian pikeun satiap insan perguruan tinggi swasta “.pokna.Inyana ngebrehkeun sistem pendidikan bisa disebutkeun mawa hasil saupama proses pendidikan mere value jeung kaunggulan kompetitif ka lulusanna nu sakaligus ngarupakeun value jeung kaunggulan kompetitif tina institusi pendidikan. Sistem pendidika merlukeun katerlibatan aktif konsumen (anak didik) dina proses penciptaan nilai (value creation).
Satuluyna promovendus nu alumni Jurusan Manajemen Keuangan Ikopin tahun 1998 sarta Program Pasca Sarjana STIE Indonesia Emas Bandung Program Studi Magister Manjemen Konsentrasi Manajemen Pemasaran taun 2000 ngajentrekeun turta mibanda pamadegan yen penerapan penjaminan mutu (quality assurance) pikeun ngahasilkeun lulusan nu mibanda kompetensi jeung daya saing ieu sacara global geuningan geus ngaadopsi pola pembelajaran aertifikasi SAP (System Aplication and Product), ari model pembelajaran dina bentuk sertifikasi nu geus mibanda sertifikasi SAP teh nyaeta bakal meunang peluang leuwih gede ti perusahaan-perusahaan saham nu geus nerapkeun aplikasi SAP.
“ Pamadegan ieu didadasaran ku konsep yen penerapan mutu (quality assurance) pikeun hiji organisasi nyaeta ngarupakeun nu dikudukeun kulantaran organisasi nu ngajamin mutuna teh ngarupakeun organisasi nu salawasna nyumponan kabutuhan jeung kapuasan pelanganna,sabab pelangan (customer) nu puas bakal ningkatkeun jadi pelangan nu loyal dina hal ieu ngandung harti nyaeta bakal mere benefit pikeun organisasina “.ceuk Enas kelahiran Tasikmalaya 10 April 1964 anak ka 2 boga dulur 7 ti pasangan ayah Ba’i( Alm) jeung Ikat negeskeun.(Suherman.S)/bejatikoran.Com.






