bejatikoran

  • Full Screen
  • Wide Screen
  • Narrow Screen
  • Increase font size
  • Default font size
  • Decrease font size

Wisuda Ka 55 UIN SGD Bandung

Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung ngayakeun wisuda ka 55 dilaksanakeun tanggal 10 Maret 2012.Pihak panitia umajak ka para calon wisudawan sangkan sagancangna ngadaftarkeun ka Bagian Keuangan di lantai 2 kampus Jl.A.H.Nasution No.105 Bandung nu dimimitian ti tanggal 06 nepi ka 29 Februari 2012.

 

Diharepkeun Ngabentuk Karakter Peserta Didik 2.934 Guru Di Jabar Narima Ijazah ti UPBJJ- UT Bandung

Aya 2.934 guru asalna ti 20 kabupaten/kota di provinsi Jawa Barat narima ijazah ti Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ)-Universitas Terbuka (UT) Bandung waktu Upacara Penyerahan Ijazah (UPI) nu dilaksanakeun dua jirangan nyaeta 1.494 urang narima dina poe Salasa 31 Januari 2012 jeung 1.440 deui mah poe Kemis 2 Februari 2012 lumangsung di Graha Batununggal Indah, Jl.Batununggal Indah IX No.2 Bandung. Sajumlah guru ieu teh lulusan hasil yudicium 2 Mei, 2 Agustus jeung 27 September 2011 program Pendidikan Dasar (Pendas) S1 PGSD 2.848 urang,S1 PGPAUD 75 urang ,D II Pendidikan Olah Raga Sekolah Dasar 8 urang jeung 3 urang program non Pendas harita narima ijazah nu dipasrahkeun ku rektor UT Prof.Ir.Tian Belawati,M.Ed,Ph.D, Pembantu Rektor I Bidang Akademik Dr.Yuni Tri Hewindati dijejeran Kepala UPBJJ-UT Bandung Dra.Dina Thaib M.Ed sarta diluuhan Kepala Dinas Pendidikan & Kebudayaan Provinsi Jawa Barat Prof.Dr.Moh. Wahyudin Zarkasyi,CPA,Kepala Dinas Pendidikan & Kebudayaan Kab,kota diantaranya katembong hadir Kepala Dinas Pendidikan & Kebudayaan Kabupaten Bandung Drs.H.Juhana,M.MPd ,para pengurus kelompok belajar,para tutor jeung staf UPBJJ UT Bandung.

Tina sajumlah lulusan lian ti diantarana wae aya nu kapeto meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) panggonjoyna nyaeta Titin Supriatin ti kab Kuningan S1 PGSD IPK 3,77, Erna Yustiana PGPAUD IPK 3,70, jeung Nuraeni Soleha S1 PGSD 3,65 ti kodya Cirebon,Ika Kartika S1 PGSD IPK 3,83 jeung Cucu S1 PGSD IPK 3,72 ti kab.Ciamis jeung Dewi Arti Handayani S1 PGSD IPK 3,63 ti kab.Indramayu oge samemeh lulusan narima ijazah dina poe saacanna Upaca Penyerahan Ijazah (UPI) miluan heula seminar temana Melalui Guru Pintar Online.Kita Tingkatkan Pemecahan Masalah Pembelajaran”.

Dina kasempetan biantarana rektor UT Tian Belawati miharep ka sakumna lulusan yen pendidikan di satiap jenjang teh kudu diselenggaakeun sacara sistemik pikeun ngawujudkeun fungsi turta ngudag pendidikan nasional. Hal ieu aya kaitanna jeung pembenntukan watak atawa karakter peserta didik sangkan bisa saingan mibanda kecedarsan,jujur jeung tangguh sarta bisa interaksi jeung masarakat turta peduli. Hal ieu luyu jeung UU No.20 Tahun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional fungsina ngmekarkeun kamampuan jeung ngabentuk watak sarta peradaban bangsa nu mibanda martabat dina raraga minterkeun kahirupan bangsa .“ Karakter bangsa perlu tuluy-tuluyan diwangun ti mimiti anak usia dini nu ku para akhli psikologi mah geuningan disebut usia emas (golden age) . Kukituna penting pisan dilaksanakun pendidikan karakter ti mimiti Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD) utamana mimiti taman bermain (play group) jeung taman kanak-kanak”.pokna.

Numutkeun Tian Belawati pendidikan karakter lain ngarupakeun mata pelajaran,tapi mangrupakeun proses pendidikan nilai nu diimplementasikeun dina sakabeh budaya sakola sarta diintegrasikeun dina satiap mata pelajaran ,ku ngaliwatan kagiatan ekstrakurikuler jeung pembiasaan kegiatan positif di sakola nu aya katanna jeung peranan manajemen atawa pengelolaan sakola. Satuluyna inyana oge peupejeuh ka para lulusan nu mayoritas nyaeta guru sangkan mampu ngalaksanakeun tugas panggilanna salaku pendidik jeung tauladan nu mibanda karakter jeung pelaku parobahan pikeun anak-aak bangsa ,guru sapayusna mah mekelan diri ku sajumlah kompetensi pedagogis,kompetensi kepribadian,kompetensi sosial jeung kompetensi professional dina ngalaksanakeun tanggung jawabna salaku pendidik professional.

Sedengkeun Kepala Dinas Pendidikan & Kebudayaan Provinsi Jawa Barat Wahyudin Zarkasyi oge ngingetan ka para lulusan sangkan bisa ngabentuk siswa nu cerdas komprehensif supaya anak didik bisa hirup secara harmonis di pergaulan global . Pikeun hirup harmonis tangtuna henteu aya jalan sejen saperti dicanangkeunn Kemendikbud nyaeta tuluy-tuluyan ngomean standar layanan pendidikan kaasup kualitas guru supaya outputna bisa saingan sacara global. “ Parobahan hiji nagara aya di guru ,kulantaran berhasilna hiji nagara ngarupakeun akumulasi kaberhasilan individu salaku warga negara,individu nu dididik ngaliwatan sakola,mudahpmudahan ka hareup pelayanan leuwih hade ,out put pendidikanna sarua jeung nagara nu geus maju tinekanan luyu jeung rencana pemerintah dina waktu ulang taun emas Repubkik Indonesia tahun 2045 urang jadi nagara terhormat tangtuna hal ieu peranna aya di para guru salaku sutradara nu bakal ngarobah anak anak bangsa nu mibanda kualitas “.teges Wahyudin Zarkasyi.

.

Add comment


Security code
Refresh