
Dina poe Saptu 8 Agustus 2009 Fakultas Teknik Universitas Islam Nusantara (Uninus) lumangsung di aula kampus lantai 3 Jl.Soekarno Hatta No.530 Bandung ngayakeun seminar teknologi informasi nu judul materina“ Peran Teknologi Informasi Dalam Pengembangan Ekonomi Kreatif Untuk Memajukan Bangsa”. Kagiatan seminar nu dibuka ku rektor Uninus Drs.H.Didin Wahidin M.Pd sarta diluuhan rengrengan pejabat Uninus diantarana Dekan Fakultas Teknik Uninus Ir.Asep Wasid.M.MPd ,Ketua Panitia seminar Yudi Herdiana ST,Ketua Puskom Uninus Sucipto ST nu oge salaku Pembantu Dekan III Bidang Kemahasiswaan Fakultas Teknk Uninus sarta pengurus Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Uninus diiluan alumni 30 urangFakultas Teknik Uninus sarta 200 urang peserta umum ngawengku siswa,guru SMK,SMA,mahasiswa Perguruan Tinggi ,instansi Pemda jeung dunia usaha .
Numutkeun Yudi Herdiana,ST tujuan diayakeun seminar ieu lian ti pikeun dijadikeun sumber inspirasi jeung motivasi keur peserta dina ngamekarkeun ekonomi kreatif oge muka wawasan ,pengaweruh ngeunaam ngadeukeutkeun teknologi informasi pikeun ngarojong usaha ekonomi kreatif nyakitu deui sangkan mikanyaho akses turta jejaring usaha ekonomi kreatif nu dirojong Teknologi Informasi sangkan kaciptana luang jeung kasempetan kerja nu kompetitif..“ Diharepkeun ku miluan seminar ieu para peserta bakalloba meunang mangfaatna boh leuwih mikanyaho ngeunaan ekonomi kreatif di era persaingan bisnis sarta meunang pangalaman ngeunaan teknik penetrasi jeung ngabentukna pasar Teknologi Informasi nu ngarojong usaha ekonomi kreatif Indonesia”.pokna.
Ari nu ngaluuhan jadi pembicarana nyaeta Tony Chen salaku Presiden Direktur Microsoft Indonsia nu oge inyana salaku alumni Fakultas Teknik Jurusan Informatika Uninus almamaterna tahun 1988. Dina intina Tony Chen nandeskeun yen Teknologi Informasi dina ngarojong usaha ekonomi kreatif bisa wae ngamukingkeun sok komo mampu nguatan basis ekonomi kreatif..Kukituna Indonesia bakal mibanda kamampuan pikeun nyumponan sagala kabutuhan sorangan nu bisa ngamankeun krisis financial global.
“ Dina kaayaan ancaman Putus Hubungan Kerja (PHK) sacara massif turta marudahna krisis global,ngamekarkeun ekonomi kreatif nu dirojong ku Teknologi Informasi jadi beuki nyata pikeun diwujudkeun,lain sakadar pikeun nyerap tenega kerja wungkul tapi oge bisa ngaronjatkeun panarimaan nagara “.pokna Sarengsena ngadugikeun presentasi materina Koran Giwangkara sempet ngalakukeun wawancara nanya ka Tony Chennu dilahirkeun di Tebingtinggi Sumatra Utara taun 1964 nu nepi kawari geus tujuh setengah taun nyangking kalungguhan salaku Presiden Direktur Mrosoft Indonesia sarta inyana ngaenyakeun yen dirina teh bener pisanngarupakeun alumni Fakultas Teknik Jurusan Informatika tahun 1988.
“ Saenggeus lulus ti Uninus simkuring kakara datang deui ka dieu,geuningan kacida reueus pisan bisa paamprok jeung pengurus Ikantan Keluarga Alumni (IKA) Uninus nu salaku ketuana H.Dada Rosada,SH,M.Si oge paamprok jonghok jeung pa rektor turta babaturan heubeul bisa ngajalin silarahmi deui “.pokna .Waktu ditanya ngeunaan kaayaan Uninus,inyana miharep sangkan ka hareup leuwih maju deui,saperti kaalaman ku pihaknaangkatan awal geuningan geus marampu saupama terus usaha sacara hade bakal dipibanda ti perguruan tinggi turta kacida mangfaatna.
Jeroning kitu Ketua Pusat Komputer (Puskom) Uninus Sucipto,ST miharep sangkan seminar ieu bisa mangaruhan pikeun nyieun hal generasi muda jadi kreatif keur ningkatkeun ekonomi kreatifitas ngawangun bangsa. Sedengkeun ngeunaan kagiatan satuluyna Microsoft jeung Uninus perlu dipadundengkeun deui pikeun kampus agrement nyaeta make software-softwarer halal lain bajakan tapi nu asli ku mikrosoft aya lisensina.Nyigeung Puskom,ieu diadegkeun akhir taun 2007 nu misina nyaeta ngarahkeun kampus Islamimibanda wawasan teknologi. Kiwari tina segi infrastruktur geus nyieun jaringan ka sakabeh gedong di kampus Uninus,nyaeta geus nyambung (connect) ka internet,intranet turta geus asup ka jaringan inherent antar kampus sa-Indonesia , “ Ku ayana Puskom ieu pa rektor ngarojong pisan sangkam kampus ieu leuwih maju dibandingkeun kampus sejenna utamana tina segi Informasi Teknologi”.(Suherman.S)






