bejatikoran

  • Full Screen
  • Wide Screen
  • Narrow Screen
  • Increase font size
  • Default font size
  • Decrease font size

UIN SGD Bandung Wisuda 988 Lulusan

Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung poe Saptu 10 Maret 2012 di kampus Jl.A.H.Nasution 105 Bandung ngalaksanakeun wisuda ka 55 taun akademik 2012 ngawisuda 988 lulusan program Diploma,S1,S2 jeung S3 ti Fakultas Adab Humaniora,Dakwah & Komunikasi,Psikologi,Sains &Teknologi,Syariah & Hukum,Tarbiyah&Keguruan,Ushuludin sarta Program Pasca Sarjana.Sajumlah wisudawan diistrenan rektor Prof.Dr.H.Deddy Ismatullah,SH,M.Hum dijejeran senat sarta Ketua Penyelengarana Pembantu Rektor I Prof.Dr.H.Afifuddin,MM.Dina ieu kasempetan rektor lian ti ngawilujengkeun ka para lulusan oge miharep sangkan ilmu nu geus dipibanda aya mangfaatna dijadikeun life skill bekel pikahareupeun.(Suh).-

 

Balukar Kawijakan Kopertis IV, Pagawena Henteu Bisa Nginjeum Ti Bank Parindah Ka Koperasi

Ketua Koperasi Karyawan (Kopkar) Kopertis Wilayah IV Periode 2008-2012 Dr.H. Purwadi netelakeun salila ieu pihakna di koperasina mibanda 1.236 urang anggota ngawengku pagawe tenaga edukatif (dosen) 1.103 urang,,pagawe tenaga administrasi 121 urang sarta 12 urang karyawan koperasi .Sedengkeun dina widang pelayanan ka anggota kiwari mibanda tilu widang pelayanan nyaeta Unit Simpan Pinjam,Unit Toko jeung Unit Penerbitan Majalah Wawasan Tridharma salila taun 2011 ngalaman kanaekan gedena 29 % . Saupama dibandingkeun jeung taum saacan 2010. Tina sajumlah tilu pelayanan ieu kagiatan usaha simpan pinjam masih ngarupakeun primadona pelayanan koperasi mere kontribusi gedena 92,20 % tina sakabeh volume pelayanan tahun 2011 disusul ku Unit Toko gedena 7,33 % jeung unit penerbitan majalah Wawasan Tridharma gedena 0,47 %.

Usaha Nu Dijalankeun PKPRI Kota Bandung Geus Loba Nyerap Tenaga Kerja

Dumasar kana kondisi jeung situasi nu mangaruhan kinerja organisasi usaha jeung keuangan Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia (PKPRI) kota Bandung salila taun 2010 lian ti mekanisme manajemen koperasi beuki efektif oge partisipasi anggota aktif sarta pelayanan ka anggota jeung masarakat ningkat nyakitu deui kinerja usahana sehat hal ieu dibuktikeun ku beuki hadena struktur permodalan jeung ngaronjatna beubeunangan kauntungan hasil usahana. Hal ieu ditetelakeun Ketua PKPRI kota Bandung Periode 2009-2014 Drs.H.Zainal Abidin,S,MM,M.Sc dina biantarana dihareupeun anggota peserta Rapat Anggota Taunan (RAT) ka 48 taun usaha 2010 lumangsung poe Sabtu 16 April 2011 di Aula PKPRI kota Bandung Jl.Soekarno-Hatta N0.470 Bandung nu dina ieu kasempetan dijejeran rengrengan pengurus ngawengku Wakil Ketua I : Drs.H.Sanusi Sukarma,MBA,Wakil Ketua II : H.Wawa Wachyudin,SP,MM,Sekretaris: Drs.Kustiwa Benoputra,M.Pd,Bendahara: Muhamad Arifin oge rengrengan Pengawas ngawengku Ketua: Drs.Maman Ukas,M.Pd,Sekretaris: Dasep Ruswana SIP,M.Si,Anggota : Dedi Muchdiat SAB,Manajer :Drs.H.Deddy Oktiadi,SE,Wakil Manajer: Drs.H.Wahyu Hadisuroso,SE sarta diluuhan pejabat Diskoperindag kota Bandung,pengurus Dekopinda Kota Bandung jeung pengurus GKPRI (Gabungan Koperasi Pegawai Republik Indonesia) Jawa Barat.

Rek Nambah Anggota Ti Pangkalan :Kopana Migas Daria Ngajaga Stabilitas Sangkan Tetep Eksis

PengurusKoperasi Pengusaha Nasional Minyak & Gas Bumi (Kopana Migas) nu kantorna di Jl.Parakan Wangi No.11 (Soekarno-Hatta) kota Bandung salawasna rek terus ngayakeun tarekah pikeun tetep daria ngajaga stabiltas sangkan tetep eksis.Tarekah nu bakal dilaksanakeun dumasar rencana kerja tahun 2011 dina widang organisasi jeung manajemen nyaeta lian ti rek ngaronjatkeun potensina sangkan bisa terus mekar sarta mibanda daya tahan pikeun nyanghareupan mangsa nu bakal datang oge rek nyiptakeun komunikasi dua arah ku cara mere workshop atawa selebaran-selebaran mangrupa leflet nu eusina ngeunaan profil Kopana Migas pikeun para calon anggota Kopana Migas.

Mibanda Prestasi, Koperasi SMA Negeri 7 Bandung Meunang Pangajen Ti Walikota

Koperasi Pegawai Republik Indonesia (KPRI) Sekolah Menengah Atas Negeri (SMAN) 7 Bandung nu alamatna di Jl.Lengkong Kecil No.53 Bandung rengse ngalaksanakeun Rapat Anggota Taunan (RAT) taun buku 2010 nu ngarupakeun taun katilu pikeun pengurus periode 2008-2010 lumangsung poe Sabtu 19 Februari 2011 di Pangandaran Dina ieu kasempetan lian ti diluuhan sakabeh anggota lobana 86 urang nyaeta lalaki 45 urang jeung awewe 41 urang ,oge rengrengan pengurus ngawengku Ketua : Drs.Dede Darwadi,Sekretaris : Apep Rahdiana,S.Pd,Bendahara : Dra.Hj.Wiwi Widaningsih sarta Staf Pengurusna nyaeta Staf Unit Simpan Pinjam : Dra.Yuyun Sariningsih,Staf Unit Niaga : Dra.Hj.Dewi Kurniati,Staf Pemotongan : Anisah jeung Yayan Nur’aini sarta Kepala SMA Negeri 7 Bandung Drs.Karyo Sunaryo salaku Penasehat, Ketua Pengawas : Drs.M.Ahyar, Anggota Pengawas: Dra.Hj.Ida Farida jeung Dyah Sri Andayani,S.Pd sarta pejabat ti Dinas Koperasi Industri Perdagangan (Diskoperindag) turta pengurus Pusat Koperasi Pegawai Repulik Indonesia (PKPRI) kota Bandung.

Gedung DPC AKLI Dan Koperasi Wilis Kota Bandung

Dalam rangka upaya penyediaan sarana dan prasarana meningkatkan pelayanan kepada anggota pada hari Kamis 20 Agustus 2009 telah diresmikan pemakaiannya Gedung baru Sekretariat Asosiasi Kontraktor Listrik Dan Mekanikal Indonesia (AKLI) Dewan Pengurus Cabang (DPC) Kota Bandung serta Koperasi Warga Instalatir Listrik “ WILIS “ di Jalan Sriwijaya No.119 Bandung oleh pejabat Pemkot Bandung H.Nana yang mewakili Walikota Bandung H.Dada Rosada SH,M.Si. Pada kesempatan tersebut dihadiri Manajer Bidang Niaga PT .PLN (Persero) Distribusi Jawa Barat & Banten ( DJBB) Ir. H.Sigit Darmawan Widjaya mewakili General Manajer PT .PLN (Persero) DJBB serta Manajer Area Pelayanan Jaringan (APJ) PT.PLN (Persero) Bandung Ir.Tohari Hadiat MBA Serta para Manajer Unit Pelayanan Jaringan (UPJ) Bandung Cimahi,pejabat Dinas Koperasi Perindustrian Perdagangan (Koperindag, Dekopinda,Kadin,REI , kota Bandung, Pengurus Konsuil ( Konsultasi Keselamatan Untuk Instalasi Listrik), Assosiasi Perlistrikan Elektrikal Indonesia (APEI), Dewan Pengurus Pusat (DPP) AKLI H.Ardi, Ketua AKLI Cimahi,Sumedang,Cianjur,Karawang , Ketua AKLI DPC Kota Bandung Ir.H.Henhen Bestari MM yang juga merangkap selaku Ketua Koperasi Wilis.,sekekretaris I.H.Endang Ruchyatna serta para anggota ,pengurus dan undangan lainnya.

Page 1 of 3

  • «
  •  Start 
  •  Prev 
  •  1 
  •  2 
  •  3 
  •  Next 
  •  End 
  • »