Ketua Koperasi Karyawan (Kopkar) Kopertis Wilayah IV Periode 2008-2012 Dr.H. Purwadi netelakeun salila ieu pihakna di koperasina mibanda 1.236 urang anggota ngawengku pagawe tenaga edukatif (dosen) 1.103 urang,,pagawe tenaga administrasi 121 urang sarta 12 urang karyawan koperasi .Sedengkeun dina widang pelayanan ka anggota kiwari mibanda tilu widang pelayanan nyaeta Unit Simpan Pinjam,Unit Toko jeung Unit Penerbitan Majalah Wawasan Tridharma salila taun 2011 ngalaman kanaekan gedena 29 % . Saupama dibandingkeun jeung taum saacan 2010. Tina sajumlah tilu pelayanan ieu kagiatan usaha simpan pinjam masih ngarupakeun primadona pelayanan koperasi mere kontribusi gedena 92,20 % tina sakabeh volume pelayanan tahun 2011 disusul ku Unit Toko gedena 7,33 % jeung unit penerbitan majalah Wawasan Tridharma gedena 0,47 %.






