bejatikoran

  • Full Screen
  • Wide Screen
  • Narrow Screen
  • Increase font size
  • Default font size
  • Decrease font size

Reuni Akbar Fakultas Hukum Uninus

Fakultas Hukum Universitas Islam Nusantara (Uninus) ceuk Kepala Humas Uninus Drs.Maman Nurjaman netelakeun ka Giwangkara ngayakeun kagiatan acara,reuni akbar nu temana “ Melalui Reuni Fakultas Hukum Kita Tingkatkan Semangat Kebersamaan Antar Alumni “ diluuhan Walikota Bandung H.Dada Rosada SH,M.Si salaku Ketua Ikatan Alumni Uninus lumangsung poe Minggu 12 Februari 2012 ti Jam 8- nepi ka rengse  di aula  kampus  Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung.

 

Drs.H.A.Syarif Abdurrahman : Rakor Balai Diklat Keagamaan Bandung Tahun 2012 Di Lido Lakes Bogor

Balai Diklat Keagaman Bandung nu kantorna di Jl.Soekarno Hatta No.716 Bandung ngalaksanakeun Rapat Koordinasi (Rakor) Tahun 2012 lumangsung tilu poe ti tanggal 27 nepi ka 29 Maret 2012 di Hotel Lido Lakes Resort &Comprence Jl.Raya Bogor-Sukabumi Km 21 Bogor Rakor dibuka secara resmi ku Sekretaris Badan Litbang & Diklat DR.Mahdar Arroiyah M.Ag nyuluran Kepala Badan Litbang & Diklat Prof.DR.H.Abdul Djamil,MA nu dina ieu kasempetan diluuhan Kepala Kanwil Kementrian Agama Provinsi Jawa Barat Drs.H.Saeroji,rektor Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung Prof.Dr.H.Deddy Ismanatullah,M.Hum, Oge Kepala Balai Diklat Keagamaan Bandung Dra.Hj.Ati Ruliyanti M.Pd salaku penanggungjawab ieu kagiatan,,Kepala Sub Bagian Tata Usaha Drs. H.A.Syarif Abdurrahman selaku Ketua Panitia , Kepala Seksi Diklat Tenaga Administrasi Drs.H.Ade Suryaman M.Ag salaku Ketua 1.Kepala Seksi

Balukar Kawijakan Kopertis IV, Pagawena Henteu Bisa Nginjeum Ti Bank Parindah Ka Koperasi

Ketua Koperasi Karyawan (Kopkar) Kopertis Wilayah IV Periode 2008-2012 Dr.H. Purwadi netelakeun salila ieu pihakna di koperasina mibanda 1.236 urang anggota ngawengku pagawe tenaga edukatif (dosen) 1.103 urang,,pagawe tenaga administrasi 121 urang sarta 12 urang karyawan koperasi .Sedengkeun dina widang pelayanan ka anggota kiwari mibanda tilu widang pelayanan nyaeta Unit Simpan Pinjam,Unit Toko jeung Unit Penerbitan Majalah Wawasan Tridharma salila taun 2011 ngalaman kanaekan gedena 29 % . Saupama dibandingkeun jeung taum saacan 2010. Tina sajumlah tilu pelayanan ieu kagiatan usaha simpan pinjam masih ngarupakeun primadona pelayanan koperasi mere kontribusi gedena 92,20 % tina sakabeh volume pelayanan tahun 2011 disusul ku Unit Toko gedena 7,33 % jeung unit penerbitan majalah Wawasan Tridharma gedena 0,47 %.

DR.H.Ade Gumilar Iskandar,SE,MM : Program Kerja Kepsek Tong Sibuk Kana Kagiatan Non Teknis

Kapamingpinan kepala Sekolah (Kepsek) dina manajamen perubahan geuningan kacida mangaruhan pisan sacara nyata kana learning organization di sakola kejuruan nu hartina saupama Kepsekna hade tangtuna bakal hade oge learning organizationna atawa organinasina teh nu tuluy-tuluyan ngalegaan kapasitasna nyiptaeun pikeun bekel pakahareupeun sarta mampu ngaronjatkeun peran ,misi jeung fungsina salaku sponsor parobahan. “Sangkan jadi salaku sponsor parobahan kanyataan di lapangan Sumber Daya Manusia (SDM ) penyelenggara sekolah kejuruan katangen can bisa nyaluyukeun jeung dinamika parobahan lingkungan nu sakitu gancangna oge tenaga pendidik jeung kependidikanna masih mentingkeun urusan pribadi tibatan kapentingan organisasi .” Ceuk DR.H.Ade Gumilar Iskandar,SE MM. nu dilahirkeun di Ciamis 18 Mei 1967 ngarupakeun anak katilu sarta boga dulur tilu ti pasangan H.Rosyid Gandhi jeung Hj.Ina Yunaeni dina disertasina “ Pengaruh Faktor-FaktorDeterminan DalamManajemen Perubahan Terhadap Learning Organization “ (Studi Pada Sekolah Menengah Kejuruan Kabupaten Ciamis). Waktu Ujian Program Pasca Sarjana (S3 Konsentrasi Manajemem Pendidikan Universitas Islam Nusantara (Uninus)

Prof.Dr.Yoyo Mulyana,M.Ed : Pendidikan Karakter Perlu Dilaksanakeun Saupama Henteu Bangsa Indonesia Jadi Bangsa Kuli

Bangsa Indonesia saengeusna 65 tahun merdeka saupama ayeuna dititenan sapopoe nu kabireungeuh teh nyaeta loba panyakit masarakat nu nyaliara sumebar dmana mana boh beuki rongkahna korupsi sarta beuki loba jalma nu resep nyiksa diri sorangan ku cara ngonsumsi narkoba, loba jalma sarakah,,kalakuam sex nu goreng patut, etos kerja oge goreng patut malahan nu pikahariwangeun deui mah diantara sabagian jalma na ieu teh aya nu geus leungiteun cita –citana henteu ngarasa bangga salaku bangsa Indonesia. Pom kitu deui masarakatna geus ngarasakeun riweuh balukar tina kisis ekonomi,krisis politik,krisis hukum, samalah mah ayeuna aya dina posisi

Konci Sukses Program Diklat Remaja Putus Sakola Nyaeta Manajerial Nu Profesional

Konci sukses dina program Pendidikan Latihan (Diklat) remaja putus sakola nyaeta perlu sistem manajerial nu profesional turta mibanda orientasi kana kamajuan mangsa pikahareupeun. Tarekah ieu teh bisa diterapkeun pikeun mertahankeun lembaga Diklat Balai Pemberdayaan Sosial Bina Remaja (BPSBR) jeung Unit Rumah Pemberdayaan Sosial Bina Remaja (URPSBR) Dinas Sosial Propinsi Jawa Barat dina kontribusi,peran jeung fungsina.Pamadegan ieu ditetelakeun Dr.Kakay Karyana MM dina disertasina “ Manajemen Pendidikan Dan Pelatihan Dalam Meningkatkan Produktivitas Kerja Remaja Putus Sekolah “ dumasar hasil panalungtikan di BPSBR Cimahi jeung URPSBR Ciganjeng Ciamis pikeun ngaraih gelar Doktor widang manajemen pendidikan