
Pikeun Iwa Kuswaeri salaku aktivis kasundaan Sumedang dina poe Senen 25 Januari 2010 meunang bagja dibarung ku kabungah tur ngarasa reueus pisan,kulantaran harita inyana dinyatakeun lulus ujian meunang gelar Doktor widang manajemen pendidikan ti Program Studi Manajemen Pendidikan Program Pasca Sarjana (PPS)Universitas Islam Nusantara (Uninus) mibanda peunten predikat sangat memuaskan ku mertahankeun disertasina dihareupeun promotor Prof.Dr.H..Achmad Sanusi SH,MPA ,Ko Promotor Prof.Dr.H..Dedi Mulyasana,M.Pd jeung anggota promotor Prof.Abdorakhman Gintings,M.Si,M.Ed,Ph.D.lumangsung di kampus JL.Soekarno –Hatta No.530 Bandung." Simkuring n garaos kalintang bingah pisan nu teu aya hinggana ku geus tiasa nyuprih elmu ngawitan lebet tahun 2007 kuliah di PPS Uninus sok sanaos back ground nu dipibandana ku
simkuring teh boh di pendidikan formal,nyakitu deui dina pagawaen sapopoe sarta di organisasi henteu pernah ngabidangi atawa icikibung dina widang pendidikan,ngan sok sanajan kitu memang simkuring interes kataji pisan kana pendidikan nya syukur Alhamdullillah geuningan mawa hasil tinekanan oge ".pokna ka Koran Giwangkara nerangkeun waktu ditanya kesanna waktu ditepungan basa sidang ujian.
Disertasi nu didugikeun judulna '"Kontribusi Kepemimpinan Transformasional Kepala Sekolah Motivasi Kerja Guru Dan Layanan Kegiatan Pembelajaran Terhadap Prestasi Belajar Siswa Pada Era Desentralisasi " (Studi Pada SMP di Kabupaten Sumedang) . Dumasar hasil kasimpulanna diantarana wae nembrakeun yen kapamimgpinan transformasional kepala sekolah mibanda kontribusi positip jeung signifikan kana layanan kagiatan pembelajaran sarta peningkatan kana kapemimpinan transformasional kepala sekolah bakal diiluan ku peningkatan layanan kagiatan pembelajaran.
" Tapi layanan pembelajaran bakal beuki hade,saupama dirojong ku sarana katut prasarana nu nyumponan.Kukituna pemerintah jeung pemerintah daerah nu mibanda tugas peran luyu jeung Undang-Undang Sistem Pendidikan Nasional No.20 Taun 2003 sangkan ngaronjatkeun sarana jeung prasarana pendidikan jeung pelayanan pembelajaran nu dibikeun ku guru nyiptakeun pembelajaran nu hade,ngaronjatkeun kompetensi peserta didik sarta bisa ngaronjatkeun prestasi belajar siswa ".ceuk Iwa Kuswaeri Nu kalahiran Sumedang 03 Maret 1962, namatkeun sakola SD,SMP,SPMA di Majalengka sarta nuluykeun kuliah sarta lulusan 1968 Sarjana (S1) Ilmu Pemerintahan Unpad,lulusan tahun 2001 S2 Program Studi Keuangan Internasonal Universitas Esa Unggul,lian ti jadi PNS ti mimiti taun1981 sarta pernah nyangking mancen sababaraha kali jadi Kepala di lingkungan pemerintahan kabupaten Sumedang diantarana wae pernah jadi Kepala Bagian Humas Sekda Sumedangf 1995-1996,Sekretaris DPR 2007-20009 sarta ti taun 2009 nepi ka kiwari mancen tugas salaku Asisten Administrasi Sekretaris Daerah Kabupaten Sumedang, Oge ti kawit taun 2004 inyana tos ancrub aktif dugi ka ayeuna dina widang kasundaan diantawisna salaku Ketua Daya Sunda Cabang Sumedang,Ketua Rukun Wargi Sumedang,Ketua Presedium Rukun Wargi Tatar Sunda,Anggota Perkumpulan Pangauban Sunda,Anggota Paguyuban Pasundan jeung rea-rea deui organisasi sejenna.
" Pangna resep pisan kana Kasundaan kumargi simkuring teh apanan lahir di Sumedang oge turunan Sunda,nyakitu deui keluarga Sunda,jadi Sunda the bade ku saha deui atuh ditanjeurkeun deui nu ngamumulena saupami henteu ku urang Sunda.Pon kitu deui hiji kareueus simkuring salaku urang Sunda,Ki Sunda sakedahna sareng sawajarna nanjeurkeun ki Sunda nyaring".ceuk Iwa Kuswaeri nu pernah ngalalana ka manca nagara diantarana wae ka Malaysia,Singapura,Philipina jeung Suriname.pokna.






