bejatikoran

  • Full Screen
  • Wide Screen
  • Narrow Screen
  • Increase font size
  • Default font size
  • Decrease font size

UUM Malaysia ka Kampus Uninus

Rombongan delegasi Universitas Utara Malaysia (UUM) poe Senen 26 Maret 2012 ngadongdon Universitas Islam Nusantara (Uninus) nu tujuanna rek madungdengkeun gawe bareng akademik saperti double degree,joint program S3,magang mahasiswa,karyawan di Indonesia jeung Malaysia sarta joint seminar. Para delegasi nu harita di tarima ku rektor Uninus Dr.H.Didin Wahidin,M.Pd di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung nyaeta Dekan Pembangunan Pelajar & Alumni CAS UUM Dr.Azman B Yasin,Dekan Pembangunan Pelajar & Alumni COLGS UUM Dr.Muhammad Fuad Bin Othman, dosen Tourism & Hospitality COLGS UUM Assoc .Prof.Dr.Hengky Sumisto Halim dosen hukum IT CAS UUM Dr.Rd.Edy Santoso jeung dosen Islamic Business School COB UMM Dr.Gustian Djuanda.(Suh).-

 

Ceuk Dr.Sarah Anais Andrieu :Wayang Golek Ngarupakeun Teater Total Jeung Kajadian Sosial

Peneliti antropologi sosial jeung etnologi Dr.Sarah Anais Andrieu ti EHESS ( Ecole des Hautes Etudes En Sciences Sociales ) nyaeta ngarupakeun Sekolah Tinggi (Universitas) Ilmu Sosial Perancis netelakeun yen wayang golek teh bisa langsung asup ka hate manusa ku ngaliwatan pancainderana.Lian ti bisa disebut ngarupakeun “ Teater Total” (Teatre total) nu ngandung loba jenis seni jeung ilmu nyakitu deui wayang goleh Sunda teh oge ngarupakeun “ Kajadian sosial total” ( fait social) nu ngalibetkeun sakabeh kahirupan Sunda dina hiji panggung ngeunaan hal sosial,politik,ekonomi,agama jeung sajaba ti eta nu ditujukeun dina satiap acara wayang golek. Kukituna status pusat pagelaran wayang golek nyaeta dalang dibere status khusus di masarakat.

Hal ieu ditetelakeun dina makalahna “Nilai-Nilai Wayang Golek Purwa Sunda,Kebudayaan,Seni,Warisan dan Kategorisasi’” ditepikeun dina acara Seminar Internasional Reformasi dan Tranformasi Kebudayaan Sunda (International Seminar on Reformulating and transforming Sundanese Culture) diayakeun ku alpukahna Fakultas Sastra Universita Padjadjaran (UNPAD) lumangsung 9-10 Februari di rohangan aula Fakultas Sastra Unpad Jatinangor nu ieu kagiatan dibuka ku Rektor Unpad Prof.Dr.Ir.Ganjar Kurnia,DEA dijejeran Dekan Fakultas Sastra Unpad Prof.Dr.Dadang Suganda ,M.Hum sarta pupuhu ieu kagiatan Seminar Dr.Hj.Titin Nurhayati Ma’mun,M.S.

Numutkeun Sarah Anais Andrieu wayang goleh ieu teh henteu ngan ngagambarkeun kahirupan manusa wungkul tapi panggung wayang golek nyaeta kahirupan nu disuguhkeun sacara murni turta diciptakeun ku rombongan wayang babarengan jeung nu lalajona dina waktu nu luar biasa.ku kituna lalajo atawa diajar wayang henteu mungkin tina senina,tapi kudu ditinggali ti sakabehna,kulantaran wayang golek Sunda kacida pisan kalibet dina konteks sosialna..Nyakitu deui wayang golek dina proses kreatif ngalibetkeun nu lalajo sacara langsung sarta kreasina oge kacida adaftatif jeung dinamik sarta ngutamakeun sifat dadakan nu ngajawab sacara spontan situasi jeung kondisi di jagat ,pon kitu deui di panggung atawa di masarakat.dina widang kata-kata momongan pon kitu deu iringan gamelanna..“ Proses kreatif na bisa oge dititenan tina sauyunannana antara nayaga jeung dalang,.rombongan jeung masarakat,ditambah deui ku frame kreasi nu digunakeun sarta nu diperkembang ,saperti alur lakonna,pola gending gamelan,kakawen,kode tarian wayang jeung sajaba ti eta. Ieu teh bisa disebut dasar nu dipake jeung nu diperkembang atawa dieusi salaku rojongan kreasi nu spontan”.pokna.

Kukituna inyana mibanda pamadegan,yen nilai nilai eta nu ngajadikeun wayang golek bisa tetep langgeng aya.nepi ka ayeuna,nu tangtuna henteu perlu mengkristalisasi bentuk atawa isina.nu penting wayang golek salaku acara nu mampu ngalibatkeun turta menyatukan jelema rea ku nedunan hate jeung rasana ku ngaliwatan pancaindrana.Kamampuan dinamik turta adaptif ti wayang golek nyakitu deui identitas Sunda salaku kalibet di masarakat.kahirupan babarengan pikeun tujuan kahareupna.Kahirupan ieu penting dilestarikeun.supaya masarakat nu raharja bisa ngahargaan kabebasan jeung kaanekaragaman wayang golek jeung budaya Sunda..

Ari nyigeung ngeunaan asal usul wayang golek Sunda inyana sapagodos pisan kana teori evolusionisme atawa filologi nu heubeul tina obsesi peneliti abad ka 19 sarta awal abad ka 20 nyaeta geus neangan asal sahiji bentuk budaya atawa praktek naon wae nu dipercaya “murni” atawa “sempurna”. Saupama ditanya ngeunaan asal-usul wayang golek Sunda,rereana dalang urang Sunda ngajawab yen wayang golek teh diciptakeun tina wayang kulit Jawa ku Wali Songo ( Biasana Sunan Giri atawa Sunan Kalijaga) dina abad ka 16 (m) katompernakeun pikeun nyebarkeun agama Islam atawa dakwah.Jawababan ieu ngalahirkeun salah sahiji bentuk (wayang golek)ku hiji fungsina nyaeta dakwah. Sok komo salah saurang ahli riset Dr.Julian Mile ti Australia nyebutkeun yen ayeuna lolobana urang Sunda ngalibetkeun identitas Sunda ku Agama Islam.

Dina tradisi lisan jeung tulisan (saperti dina Babad Cerbon),Sunan nyiptakeun wayang golek dina taun 1584 salaku media carita Amir Hamzah (keluarga Nabi Muhammad S.A.W) nu disebut wayang menak atawa papak.Wayang golek langsung bisa disebut leuwih realistis ti batan wayang kulit,kulantaran ninggali bentuk,tilu dimensi sarta gerakna,.Naha ieu memang nu ngameunangkeun wayang golek jadi leuwih deukeut ka masarakatna ? Atawa naha wayang golek teh ngan modernisasi ti wayang kulit saperti numutkeun Ki Dalang H.Asep Sunandar Sunarya.

Add comment


Security code
Refresh