bejatikoran

  • Full Screen
  • Wide Screen
  • Narrow Screen
  • Increase font size
  • Default font size
  • Decrease font size

UIN SGD Bandung Wisuda 988 Lulusan

Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung poe Saptu 10 Maret 2012 di kampus Jl.A.H.Nasution 105 Bandung ngalaksanakeun wisuda ka 55 taun akademik 2012 ngawisuda 988 lulusan program Diploma,S1,S2 jeung S3 ti Fakultas Adab Humaniora,Dakwah & Komunikasi,Psikologi,Sains &Teknologi,Syariah & Hukum,Tarbiyah&Keguruan,Ushuludin sarta Program Pasca Sarjana.Sajumlah wisudawan diistrenan rektor Prof.Dr.H.Deddy Ismatullah,SH,M.Hum dijejeran senat sarta Ketua Penyelengarana Pembantu Rektor I Prof.Dr.H.Afifuddin,MM.Dina ieu kasempetan rektor lian ti ngawilujengkeun ka para lulusan oge miharep sangkan ilmu nu geus dipibanda aya mangfaatna dijadikeun life skill bekel pikahareupeun.(Suh).-

 

Ceuk Dr.Sarah Anais Andrieu :Wayang Golek Ngarupakeun Teater Total Jeung Kajadian Sosial

Peneliti antropologi sosial jeung etnologi Dr.Sarah Anais Andrieu ti EHESS ( Ecole des Hautes Etudes En Sciences Sociales ) nyaeta ngarupakeun Sekolah Tinggi (Universitas) Ilmu Sosial Perancis netelakeun yen wayang golek teh bisa langsung asup ka hate manusa ku ngaliwatan pancainderana.Lian ti bisa disebut ngarupakeun “ Teater Total” (Teatre total) nu ngandung loba jenis seni jeung ilmu nyakitu deui wayang goleh Sunda teh oge ngarupakeun “ Kajadian sosial total” ( fait social) nu ngalibetkeun sakabeh kahirupan Sunda dina hiji panggung ngeunaan hal sosial,politik,ekonomi,agama jeung sajaba ti eta nu ditujukeun dina satiap acara wayang golek. Kukituna status pusat pagelaran wayang golek nyaeta dalang dibere status khusus di masarakat.

Sakola Berstandar Internasional Ulah Mopohokeun Budaya Lokal

Rektor Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Prof.Dr.H.Sunaryo Kartadinata M.Pd  netelakeun  pendidikan ngabogaan tanggung jawab pikeun ngamumule,ngamekarkeun jeung miara kasaluyuan budaya dina kahirupan jaman. ” Dumasar kana kabutuh sewang-sewangan ieu teh  ngandung harti yen pendidikan ngabogaan tanggung jawab pikeun ngamekarkeun potensi milih widang upa jiwa nu luyu jeung kamampuh sarta kaayaan jeung ngaropea paripolah nu teu lumrah sangkan luyu jeung budaya hirup kumbuh ”.ceuk rektor UPI dina seratan  bahasan artikelna nu judulna ” Etnopedagogi jeung Internasionalisasi Pendidikan ” nu dimuat  dina Majalah Pendidikan UPI ” Cahara Bumi Siliwangi ” edisi No2. Tahun 2009 diterbitkeun Jurusan Bahasa Daerah, Sunda  Fakultas Pendidikan Bahasa Seni  (FPBS)  UPI.

Iwa Kuswaeri Aktivis Kasundaan Sumedang Meunang Gelar Doktor Ti Uninus

Pikeun Iwa Kuswaeri salaku aktivis kasundaan Sumedang dina poe Senen 25 Januari 2010 meunang bagja dibarung ku kabungah tur ngarasa reueus pisan,kulantaran harita inyana dinyatakeun lulus ujian meunang gelar Doktor widang manajemen pendidikan ti Program Studi Manajemen Pendidikan Program Pasca Sarjana (PPS)Universitas Islam Nusantara (Uninus) mibanda peunten predikat sangat memuaskan ku mertahankeun disertasina dihareupeun promotor Prof.Dr.H..Achmad Sanusi SH,MPA ,Ko Promotor Prof.Dr.H..Dedi Mulyasana,M.Pd jeung anggota promotor Prof.Abdorakhman Gintings,M.Si,M.Ed,Ph.D.lumangsung di kampus JL.Soekarno –Hatta No.530 Bandung." Simkuring n garaos kalintang bingah pisan nu teu aya hinggana ku geus tiasa nyuprih elmu ngawitan lebet tahun 2007 kuliah di PPS Uninus sok sanaos back ground nu dipibandana ku

Prof.Dr.Ir.H.Ginandjar Kartasasmita : Perlu Mengangkat Kearifan LokalAgar Tetap Lestari

Prof.Dr.Ir.H.Ginandjar Kartasasmita  salaku Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan serta Ketua Dewan Penyantun Universitas Pasundan (Unpas) mengemukakan bahwa secara populer globalisasi sering dikaitkan dengan liberalisasi dan lebih spesifik lagi yaitu liberilasasi ekonomi bercirikan persaingan bebas,dimana yang kuat dan dominan yang akan menguasai.Sedangkan ciri lainnya ialah diferensiasi artinya masing-masing memiliki kekhususan,misalnya dalam bidang keahlian tertentu,juga ciri ekploitasi,misalnya ekosistem yang kuat akan meng-ekploitasi ekosistem yang lemah.  Dari perspektif budaya,globalisasi juga meingisyaratkan berbagai kecenderungan dalam pola perilaku masyarakat..“Keadaan ini sangat mungkin terjadi,bila bangsa kita tidak mampu memainkan peranan yang berarti dalam perhubungan pergaulan masyarakat dunia “.ujarnya .Ketika menyampaikan  sambutannya dalam sidang terbuka senat pada acara  Wisuda  Unpas Gelombang III Taun akademik  2007.2008  mewisuda  sebanyak 739 orang dipimpin rektor Unpas Prof.Dr.H.M.Didi Turmudzi,M.Si berlangsung hari Kamis 24 Juli 2008 di Gedung Sasana Budaya Ganesa (Sabuga) Jl.Tamansari Bandung yang pada kesempatan tersebut dihadiri Ketua Umum Pengurus Besar (PB) Paguyuban Pasundan H.A,Syafe’i ,Ketua Yayasan Pendidikan Pasundan Prof.Dr.H.Idrus Affandi,SH ,rektor Unpas Prof.Dr.H.M.Didi Turmudzi,M.Si dan Ketua Umum  Pelaksana Wisuda Prof.Dr.Ir.H.Eddy Jusuf Sp,M.Si  yang juga sebagai Pembantu Rektor I.